Senin, 21 November 2011

Biografi Ahmad Yani

Ahmad Yani


Lahir:
Maot:
Makam:
TMP Kalibata - Jakarta
     Jénderal TNI Anumerta Ahmad Yani (ogé diéja Achmad Yani; (Purworejo, Jawa Tengah, 19 Juni 1922 - Jakarta, 1 Oktober 1965) nya éta hiji pahlawan révolusi jeung nasional Indonésia.
Anjeunna katelah salaku hiji tentara nu pamikiranna sok ngalawan eujeung PKI (Partéy Komunis Indonésia). Nalika ngajabat salaku Menteri/Panglima Angkatan Darat ti taun 1962, anjeunna nolak kahayangan PKI pikeun ngawangun Angkatan Kalima nu kasusun ti buruh jeung tani. Ku lantaran éta, anjeunna minangka salah sahiji targét PKI nu badé diculik jeung dipaéhan di antara tujuh pajabat TNI AD liwat G30S (Gerakan Tilu Puluh Séptémber). Anjeunna ditémbak di roang makan di bumina, Jalan Lembang D58, Menteng dina tabuh 04.35 kaping 1 Oktober 1965. Mayatna teras dipanggihan di Lubang Buaya.
Anjeunna dimakamkeun di TMP Kalibata, Jakarta.
Nalika Ngora                  
Ahmad Yani lahir di Jenar, Purworejo, Jawa Tengah dina kaping 19 Juni 1922 ti kulawarga Wongsoredjo, nu gawé di pabrik gula pibanda pangusaha Walanda. Taun 1927, Yani pindah bareng kulawargana ka Batavia, di mana ramana gawé pikeun hiji jéndral Walanda. Di Batavia, Yani ngaréngsékeun sakola dasar jeung sakola nengahna. Taun 1940, Yani ninggalkeun atikan sakola luhur pikeun asup ka dinas kamilitéran pamaréntah kolonial Hindia Walanda. Anjeunna asup Dinas Topografi Militér di Malang, Jawa Wétan, tapi eureun lantaran invasi Jepang taun 1942. Di waktos nu sami kulawargana pindah deui ka Jawa Tengah.
Atikan
  • HIS (satingkat SD) Bogor, réngsé taun 1935
  • MULO (satingkat SMP) kelas B Afd. Bogor, réngsé taun 1938
  • AMS (satingkat SMU) bagian B Afd. Jakarta, eureun taun 1940
  • Atikan militér dina Dinas Topografi Militér di Malang
  • Atikan Heiho di Magelang
  • PETA (Tentara Pambéla Lemah Cai) di Bogor
  • Command and General Staff College di Fort Leaven Worth, Kansas, Amérika Sarikat, taun 1955
  • Special Warfare Course di Inggris, taun 1956
Béntang Kahormatan
Di antarana:
  • Bintang RI Kelas II
  • Bintang Sakti
  • Bintang Gerilya
  • Bintang Sewindu Kemerdekaan I jeung II
  • Satyalancana Kesetyaan VII, XVI
  • Satyalancana G: O.M. I dan VI
  • Satyalancana Sapta Marga (PRRI)
  • Satyalancana Irian Barat (Trikora)
  • Ordenon Narodne Armije II Reda Yugoslavia (1958)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar